B. Daerah

Pertanyaan

Contoh kalimat majalma (versonifikasi)

1 Jawaban

  • contoh-contoh kalimat dalam bahasa Sunda yang mengandung gaya basa mijalma :

    1. Geus kaciri aya bulan caang ngintip tina sela-sela mega.
    2. Tuh geuning angin subuh teh ngaharewos karasa pisan kana ceuli.
    3. Ditempo ti sisi basisir kaciri ombak teh paudag-udag matak reueus kana hate.
    4. Pare beuneur teh kacirina tarungkul, eta mah siga pisan anu keur menekung.
    5. Tengah peuting langit kacirina lenglang, bentang kacirina ting kariceup.
    6. Tangkal kalapa di sisi basisir teh kaciri ngagupayan parahu layar anu aya di tengah laut.
    7. Sora rebab teh kadengena ngabangingik siga nu ceurik matak nyeredet kana hate.
    8. Gunung teh siga anu milu nguyung, lebak siga anu milu susah.
    9. Sora lokomotif teh beuki deukeut kadengena ngahégak siga nu embung nanjak.
    10. Panon poe isuk-isuk teh kacirina ngintip tina tukangeun gunung.

Pertanyaan Lainnya